JODIAK PERSI SUNDA



1. PIRGO
Pagawean nu cocok: dagang jengkol.
Keuangan: hambur pisan.
Asmara: teangan nu rada cageur.

2. AKUARIYUS
Pagawean nu cocok: dagang taraje jeung bilik.
Keuangan: eureunan unjam injem wae.
Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.

3. PISKES
Pagawean nu cocok: ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM.
Keuangan: ledeh, loba urusan pacorokokod.
Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.

4. ARIYES
Pagawean nu cocok: ngamandian domba.
Keuangan: loba ngahutang, gaji kapotongan wae.
Asmara: benerkeun heula beungeut.

5. TAWURUS
Pagawean nu cocok: ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang.
Keuangan: katipu baturan deukeut, kudu diruwat.
Asmara: teu payu-payu, ganti peletna.

6. GEUMINI
Pagawean nu cocok: ngurek belut, ngala tutut.
Keuangan: bangkar, jujualan baju mitoha.
Asmara: ucrat-acret teuing... kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.

7. KANSEER
Pagawean nu cocok: macul, ngored.
Keuangan: sakarat, tereh bangkrut.
Asmara: euweuh nu daekeun, modal ipis.

8. LEYO
Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu.
Keuangan: ripuh pisan, teu saperak-perak acan.
Asmara: ati-ati bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan Cibelekok.

9. LIYBERA
Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa tukang beling.
Keuangan: teu becus euweuh gadag neang duit.
Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum jeung peuteuy.

10. SEKORPIYO
Pagawean nu cocok: moe huntu di buruan, sakapeung menerkeun kenteng batur.
Keuangan: sarua jiga kamari boke.
Asmara: boga kabogoh panyakitan.

11. SAGITARIYUS
Pagawean nu cocok: mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar.
Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur.
Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatanya dukun, jig...!

12. KARPIKOREN
Pagawean nu cocok: dagang kurupuk.
Keuangan: pikawatireun, waspada debt kolektor!
Asmara: hambar, kabogoh hoyong kejutan, jig sakali-kali jadi Amroji atuh...

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MODUL GEOGRAFI

STRUKTUR LAPISAN KULIT BUMI