Naskah Upacara Adat 2026

NASKAH :
UPACARA ADAT HAJAT LAUT.

bissmilahirohmanirrohim... assalamu'alaikum wr. wb.

Lingkung Seni Liga Swara,
Seja Mintonkeun Upacara Adat Tradisi Sunda,
Dina Raraga Hajat Laut Rancabuaya Taun 2026.
Sumangga nyanggakeun...! 

BINARUNG RASA

Reup deungdeung sagara hideung
Indung peuting ngusik peuting
Angin peuting ngahariring
Méga miang ngondang beurang

Bray caang geura datang
Rék sumping Hyang Batari
Nu gaduh ieu Nagri

CIREBONAN

Patapan mulang sarakan
Pameuseuhan seuweu siwi
Canéom banyu sarébu
Di lawang sakéténg puri
Atma sukmaning ngahiji
Gapura konci panglawung
Ngaraga ngajadi hiji
Ngajaul mumbul ngahiang
Ngahiang jadi wangkingan

CANDRAWULAN

Waktu peuting sepi jempling
Basa bulan ngagupayan
Di panto wiati ngalong
Pucuk awi tingarulang
Nyéah lir lagu rumiang
Mapay darajat lumungsur
Ngagelar kari sukmana

Reup angin reureuh heula
Kula nepikeun béwara
Reg méga kandeg heula
Di dieu rék upacara
Rék mapag hyang batari 
Nu kagungan ieu nagri

PAYUNG

NGARAJAH

Amit sun ka Maha Agung
Neda widi ka Illahi
Pangraksa sadaya alam
Anu sipat Rohman Rohim
Walatra teu pilih bulu
Sadaya tunggal mahlukna

Dituturkeun ku alhamdu
Pinuji nu Maha Luhur
Panglesu rurumbu napsu
Nu sumurup dina kalbu
Nu suméré dina haté
Pasoléngkrah dina manah
Jail resep hiri dengki
Musnah, musnah, musnah (3x)

Turut kana dawuh Rosul
Taat ka sabda Pangéran
Dipungkas kalimah kalih
Syahadat dua lir sumpah
Jangji moal lanca linci
Udar tina tali gadang
(maca Syahadat)

PUCUNGAN

Srung-sreng 2x
Ua Léngsér, jalang jéléng
Soca serem bulang beléng
Singhoréng Ua herééng

Dubangplak 2x
Totopong barangbang semplak
Baju kutung enggeus ruksak 
Balas keuheul disasaak
Ua napsu sorot kejem
Lambey gurunyam gerenyem

Prang-pring 2x
Ua ginding maké samping
Omat nyanéh ulah nuding
Da lain meunang curaling

Dangdut 2x
Ua mawa koja butut
Punten ua nuju kalut
Jalaran modalna bangkrut

Nu diantos antos témbong
Nu dianti anti sumping

LUTUNG JIGRAH

Batur jenuk tos sami samiuk
Nu ditunggu gening enggeus cunduk

Para wargi nu sami garinding
Nu dianti anti sumping

Ua arék tandak tandang
Dina lagu kunang kunang

KUNANG-KUNANG

Dulur dulur, nu di lembur
Warga Ranca geus samakta
Hayu urang tasyakuran
Hajat laut babarengan

Laut kidul nu pinunjul
Mawa berkah méré hasil
Pakasaban saréréa
Keur warga Rancabuaya

Mugi mugi, ka Nu Agung
HNSI nu linuhung
Hajat laut nu lumangsung
Hirup huripna sing nanjung

Sakitu nu, kapihatur
Rancabuaya sing mamur
Omat ulah ukur catur
Syukur ka Nu Maha Gofur 

GULANG² + PENARI

NARATOR BUBUKA

KUM...
ASALAMU'ALAIKUM...
SAMPURASUN KANU NGARIUNG
NEDA WIDI KANU LINGGIH
SEJA MIRIG NU SUMPING
KEMPRANG MAPAG NU DATANG
BINARUNG KASINUGRAHAN
DINA RINÉKNA BUDAYA SUNDA

GAMELAN DIGEDER

Ua Léngsér, anteng ngajanteng
Hawar hawar ti béh anggang
Aya sora ngagalindeng
Ua tenang henteu bingung
Manggul utusan Sang Ratu
Ngemban sabda titah Raja
Ua nyorén koja kabuyutan
Warisan para karuhun

Berebet Ki Léngsér lumpat
Lumpat salumpat lampét
Éor cécékolannana 
Éar mumuncangannana
Nya irung ngalagu kidung
Kélék lagu écék écék
Babajég lagu bajigjag

Tarik batan mimis bedil
Lepas batan kuda lumpat
Kawas wawuh jeung lelembut
Wanda titisan Déwata
Dihias sutra déwangga

Durugdug muru ka kidul
Torojol anjog di kulon
Éjégélér beulah kalér
Tatan tatan beulah wétan

Kep sidakep sinuku tunggal
Lakuning kang mujasmédi
Neda widi Sang Batari
Mugia karep tinekanan

TAKOL CATRIK

"NEPUS SAJÉN"
Sateuacan dikawitan peryogi diuningakeun yén NEPUS SAJÉN téh nyaéta ngusulkeun jeung ngukurkeun persembahan atawa tanda panghormat nu dititip kana wadah sasajén candakeun ka laut, hal ieu mangrupi ciri budaya dina mipit amit ngala bébéja kanggo laut anu geus méré cukang lantaran datangna rejeki hakékatna ti Gusti Alloh Subhanahu Wa Ta'ala.
Salajengna mangga urang kawitan nu diawalan ku maca kalimah shayadat suci

"asyhadu an laa ilaaha illallaah wa asyhaduanna muhammadar rasuulullah"

ashadu sakateling hurip tés putih mulya badan wawayangan gusti rusul. pun nini neda paneda neda urug neda panangtayungan ti gusti hiyang widi... 

tok leut tok leut tok leut
mangga dihaturanan ka para pini sepuh anu disauran tiasa nyecep ku raga doa kana wadah sajén anu parantos di sayogikeun di payun

Data Nepus Saji :
(dipiwarang kapayun saurang-saurang teras mulih deui ka posisina masing masing)

1. BAPA CAMAT KEC. CARINGIN
2. BAPA KAPOLSEK KEC. CARINGIN
3. BAPA DANRAMIL CISEWU
4. BAPA POLAIR
5. IBU KEPALA DESA PURBAYANI
6. KETUA HNSI
7. KETUA RUKUN NELAYAN
8. PAK CEPI a.n Para Pedagang Wisata
9. PERWAKILAN PENGUSAHA KELAUTAN
10. UPT KELAUTAN KECAMATAN CARINGIN
11. BAPA ASEP HIDAYAT
12. KANG AÉN (salaku juru yuga)
13. BAH ASLIN (salaku juru yuga)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MODUL GEOGRAFI

Soal Latihan Sejarah Kelas X SMA

Garis Takdir di Peta Bumi