Naskah Upacara Adat 2026
NASKAH : UPACARA ADAT HAJAT LAUT. bissmilahirohmanirrohim... a ssalamu'alaikum wr. wb. Lingkung Seni Liga Swara, Seja Mintonkeun Upacara Adat Tradisi Sunda, Dina Raraga Hajat Laut Rancabuaya Taun 2026. Sumangga nyanggakeun...! BINARUNG RASA Reup deungdeung sagara hideung Indung peuting ngusik peuting Angin peuting ngahariring Méga miang ngondang beurang Bray caang geura datang Rék sumping Hyang Batari Nu gaduh ieu Nagri CIREBONAN Patapan mulang sarakan Pameuseuhan seuweu siwi Canéom banyu sarébu Di lawang sakéténg puri Atma sukmaning ngahiji Gapura konci panglawung Ngaraga ngajadi hiji Ngajaul mumbul ngahiang Ngahiang jadi wangkingan CANDRAWULAN Waktu peuting sepi jempling Basa bulan ngagupayan Di panto wiati ngalong Pucuk awi tingarulang Nyéah lir lagu rumiang Mapay darajat lumungsur Ngagelar kari sukmana Reup angin reureuh heula Kula nepikeun béwara Reg méga kandeg heula Di dieu rék upacara Rék mapag hyang batari Nu kagungan ieu nagri PAYUNG NGARAJAH Amit...