Naskah Upacara Adat
*UPACARA ADAT HAJAT LAUT*
1. Jiro
2. Bubuka, Goong 3 X
3. Pareasi Takol
4. Cirebonan
Patapan mulang sarakan
Pameuseuhsan seuweu siwi
Caneom banyu sarebu
Dilawang saketeng puri
Atma sukmaning ngahiji
Gapura konci panglawung
Ngaraga ngajadi hiji
Ngajaul mumbul ngahiang
Mgahiang jadi wangkingan
5. Candrawulan
Waktu peuting sepi jempling
Basa bulan ngagupayan
Di panto wiati ngalong
Pucuk awi ting arulang
Nyeah lir lagu rumiang
Mapay darajat lumungsur
Ngagelar kari sukmana
6. Binarung Rasa
Reup deungdeung sagara hideung
Indung peuting ngusik peuting
Angin peuting ngahariring
Mega miang ngondang beurang
Bray caang geura datang
Rek sumping Hyang Batari
Nu gaduh ieu Nagari
7. Manggala Sastra
Ua Lengser,anteng ngajanteng
Hawar hawar ti beh anggang
Aya sora ngagalindeng
Ua tenang henteu bingung
Manggul utusan Sang Ratu
Ngemban sabda titah Raja
Ua nyoren koja kabuyutan
Warisan para karuhun
Betebet Ki Lengser lumpat
Lumpat salumpat lampet
Eor cecekolannana
Ear mumuncangannana
Nya irung ngalagu kidung
Kelek lagu ecek ecek
Babajeg lagu bajigjag
Tarik batan mimis bedil
Lepas batan kuda lumpat
Kawas wawuh jeung lelembut
Wanda titisan Dewata
Dihias sutra dewangga
Durugdug muru ka kidul
Torojol anjog di kulon
Ejegeler beulah kaler
Tatantatan beulah wetan
Kep sudakep sinugu tunggal
Lakuning kang mujas medi
Neda widi Sang Batari
Mugia karep tinekanan
8. Sireum Beureum (PAYUNG)
9. Ngarajah
Amit sun ka Maha Agung
Neda widi ka Illahi
Pangraksa sadaya alam
Anu sipat Rohman Rohim
Walatra teu pilih bulu
Sadaya tunggal mahlukna
Dituturkeu ku alhamdu
Pinuji nu Maha Luhur
Panglesu rurumbu napsu
Nu sumurup dina kalbu
Nu sumere dina hate
Pasolengkrah dina manah
Jail resep hiri dengki
Musnah musnah musnah
Turut kana dawuh Rosul
Taat ka sabda Pangeran
Dipungkas kalimah kalih
Syahadat dua lir sumpah
Jail moal lanca linci
Udar tina tali gadang
( Baca Syahadat )
10. Pucungan
Srungsreng 2
Ua Lengser jalang jeleng
Soca serem bulang beleng
Sihoreng Ua hereeng
Dubangplak 2
Totopong barangbang semplak
Baju kutung enggeus ruksak
Balas keuheul di sasaak
Ua napsu sorot kejem
Lambey gurunyam gerenyem
Prangpring 2
Ua ginding make samping
Omat nyaneh ulah nuding.
Da lain meunang curaling
Dangdut dangdut
Ua mawa koja butut
Punten Ua nuju kalut
Jalaran modalna bangkrut
Nu di antos antos tembong
Nu di anti anti sumping
11. Lutung Jigrah
Batur jenuk tos sami samiuk
Nu ditunggu gening enggeus cunduk
Para wargi nu sami garinding
Nu di anti anti sumping
Ua arek tandak tandang
Dina lagu kunang kunang
12. Kunang Kunang
Dulur dulur nu di lembur
Warga Ranca geus samakta
Hayu urang tasyakuran
Hajat laut babarengan
Laut kidul nu pinunjul
Mawa berkah mere hasil
Pakasaban sarerea
Keur warga Rancabuaya
Mugi mugi ka Nu Agung
HNSI nu linuhung
Hajat laut nu lumangsung
Hirup huripna sing nanjung
Sakitu nu kapihatur
Rancabuaya sing mamur
Omat ulah ukur catur
Syukur ka Nu Maha Gofur
12. Pajajaran (PENARI)
13. rancah (penari 1)
14. Nepus Sajen
- prolog
- goong 7x
- kulu-kulu/ penari baksa 2
15. wangsit siliwangi
16. tutup (jiro)
Komentar
Posting Komentar