Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2025

Naskah Upacara Adat

*UPACARA ADAT HAJAT LAUT* 1. Jiro 2. Bubuka, Goong 3 X 3. Pareasi Takol 4. Cirebonan Patapan mulang sarakan Pameuseuhsan seuweu siwi Caneom banyu sarebu Dilawang saketeng puri Atma sukmaning ngahiji Gapura konci panglawung Ngaraga ngajadi hiji Ngajaul mumbul ngahiang Mgahiang jadi wangkingan 5. Candrawulan Waktu peuting sepi jempling Basa bulan ngagupayan Di panto wiati ngalong Pucuk  awi ting arulang Nyeah lir lagu rumiang Mapay darajat lumungsur Ngagelar kari sukmana 6. Binarung Rasa Reup deungdeung sagara hideung Indung peuting ngusik peuting Angin peuting ngahariring Mega miang ngondang beurang Bray caang geura datang Rek sumping Hyang Batari Nu gaduh ieu Nagari 7. Manggala Sastra Ua Lengser,anteng ngajanteng Hawar hawar ti beh anggang Aya sora ngagalindeng Ua tenang henteu bingung Manggul utusan Sang Ratu Ngemban sabda titah Raja Ua nyoren koja kabuyutan Warisan para karuhun      Betebet Ki Lengser lumpat      Lumpat salumpat lampet     ...